Jiga biasana unggal rek ngamimitian nulis loba ngahulengna.... acan kasawang naon nu rek ditulis, tapi geus kagok muka laptop. Geus kagok asong, urang nulis naon we ah.. bae ngacapruk ge da lain ngomongkeun batur ieuh...
Poe-poe nu geus kaliwatan teh bet asa nyerelek, sababaraha wanci nu kaliwat asa ngan saukur sakilat ngaliwatna teh... Meureun ieu nu ngarana betah di alam dunya teh, eta we asa kamari poe senen teh ayeuna geus panggih deui.
Lamun ngitung angka, asa cik keneh abring-abringan jeung babaturan balik sakola bari jeung gogonjakan...kiwari abring-abringan teh lain jeung babaturan tapi ngabringkeun budak sorangan bari jeung menta jajan deuih... Meureun baheula oge kitunya.. teu kaop ngabring jeung kolot teu weleh menta jajan, padahal can puguh kolot teh bogaeun duit... ayeuna karasa gening, kangaran-ngaran budak mah teu nyaho kolot keur bokek pokona hayang jajan...
Enya mun inget kadinya, sok jadi era sorangan...
Hmm...kolot nu ngaping urang ti leutik nepi ka geus boga budak teu weleh jembar ku hampura, pinuh ku kasabaran... keur susah atawa senang kanyaah kolot mah moal tuus nepi ka iraha oge....
Tidak ada komentar:
Posting Komentar