Moal mawa carita nanaon .. da ieu mah ngan saukur curat-coret..
Dina peuting ieu hujan ngaririncik ti sore keneh, barudak geus indit ka alam ngimpi sewang-sewangan. Tinggal kuring nu masih hulang huleng dihareupeun laptop bingung rek nulis naonnya...?
Kahayang mah aya ieu teh...hayang nulis pangalaman nu geus kasorang, lain rek agul tapi ieu mah meh jadi pieunteungeun keur sorangan syukur-syukur bisa dialap hikmahna kunu lian.
Kahayang tinggal kahayang, nepi ka ayeuna masih keneh bingung ngamimitiana ti beulah mana.. Teu gampang gening nya..?
Poe kamari tanggal 9 November, si cikal panceg 14 taun... euleuh..!! gening geus gede budak teh, asa cikeneh nungguan brolna ka alam dunya. Harita di RS Assyifa Sukabumi, kuring jeung pamajikan bulak-balik ti jam 3 subuh da sieun kaborojolan (maklum can pangalaman..). Pas ngong adzan lohor, kuring jeung mitoha indit heula ka masjid rumah sakit rek sholat lohor. Ari pas balik deui ka ruang bersalin pas pisan kadenge suara ceurik orok... Alhamdulillah lungsur langsar bari jeung divaccum oge..
Kiwari si cikal geus hirup misah, manehna ngalap ilmu di pasantren di Assyifa Subang... Aya perasaan sedih, hariwang..ngahiji jeung perasaan bangga... Sedih jeung hariwang, kumaha rek teu sedih utamana mah pas mimiti asup, budak teh nu mimitina sumanget hayang asup kadinya ujug-ujug hayang pindah padahal karek saminggu bari jeung ceurik... Hate melang jeung hariwang harita ngahiji... teu wasa ningalina, tapi kuring jeung pamajikan boga tekad kudu bisa... Kuring konsultasi jeung pembimbingna, ceuk manehna..keun we pak, da eta mah fenomena biasa dina masa adaptasi, paling lila 3 bulan pasti bakal betaheun... Enya ku kuring jeung pamajikan teh diturut eta saran ti pembimbing teh... 3 bulan nu penuh perjuangan keur ngayakinkeun si cikal akhirna aya hasilna...

Dasar incu pramuka, di pasantren ge betahna kusabab pramuka...
Foto Aki sareng Enin ==>
Tidak ada komentar:
Posting Komentar