Fork & Suspention untuk sepeda anda

Minggu, 26 Oktober 2008

Serat Panineungan

(Ieu serat dikintunkeun dina raraga mapag taun 1996, dikintunkeun ka anak calon mitoha nu nuju ngalap elmu di Jogja)

Sukabumi, 2 Januari 1996

Assalamu’alaikum wr.wb

Alhamdulillah dugi ka danget ieu aya dina ginanjar kawilujengan, Insya Allah sadayana di pengumbaraan oge nuju aya dina karidloan Allah SWT.

Langkung tipayun nyuhunkeun dihapunten bilih dina ieu catur kirang merenah sareng bilih wae kasumpingan ieu serat ngaganggu kana kagiatan sadidinten, maklum pan nuju mayunan ujian. Tah kumargi kitu ieu serat teu kedah diaos ayeuna-ayeuna, keun engke we upami tos salse da ieu mah seratna oge ngan saukur curat-coret, janten teu langkung bade diaos mangga henteu oge maenya…

Surupna panonpoe anu panutup dina warsih kamari teu aya bentenna sareng surupna panonpoe dina dinten ayeuna, tapi lamun ku urang dilenyepan dina ngetang dinten kadang-kadang urang sok asa ngagebeg, dinten anu jumlah 365 poe ngan sakilat diliwatan. Masya Allah…gening urang sakitu betahna, lalakon hirup anu sakitu panjangna ngan saukur saliwat. Tada teuing rugina urang, unggal poe panonpoe bijil ti beulah wetan surup ti beulah kulon, naha kahirupan urang kudu jiga panonpoe…? Teu bisa…! Kahirupan urang teu meunang angger jiga kamari, kahirupan urang kudu leuwih manfaat tibatan kamari…

Urang ngalalakon di dunia lain rek ulin, lain saukur ngaramekeun ieu jagad tapi urang ngalalakon pikeun bekel jaga di kahirupan anu langgeng. Allah SWT parantos netelakeun yen urang dijieun teu aya sanes pikeun ibadah ka Mantena, sareng urang kapapancenan ti Allah SWT pikeun jadi khalifah. Kangaran-ngaran jadi khalifah atawwa pamingpin tangtos hiji waktu bakal dipenta tanggelwalerna ku nu masihan pancen. Tah upami ieu kuurang dilenyepan tangtos urang bakal naros ka diri urang, tos dugi kamana urang ngigelan ieu amanah.

Dina poe kamari urang masih keneh sok nyapirakeun kana waktos
Dina poe kamari urang masih keneh sok ngabolaykeun kawajiban
Dina poe kamari urang masih keneh sok julid ka batur
Dina poe kamari urang masih keneh sok deleka ka batur
Dina poe kamari urang masih keneh sok ngagogoreng batur
Kumaha ari ayeuna jeung isukan…?..
Tangtosna oge hate urang masing-masing nu bakal ngajawab.

Sakitu heula, panjang teuing bilih lieur maosna…
Hapunten bilih aya kecap atanapi tutur anu teu merenah kana manah, anggap we ieu mah silih geuingkeun….

Wassalam’alaikum wr.wb

Haturan


Tato

Senin, 13 Oktober 2008

Bersyukur

Terkadang kita merasa gelisah, resah, suntuk atau bersedih terhadap apa yang tidak kita punya…
Terkadang kita memikirkan sesuatu yang tidak ada, sehingga kita lupa mensyukuri yang sudah ada
Kita bisa melihat sudahkah kita mensyukuri nikmat itu…?
Kita bisa berjalan sudahkan kita mensyukuri nikmat itu..?

Kita diberi keluarga yang selalu mendukung karir kita, sudahkah mensyukuri nikmat itu…?
Kita diberi anak-anak yang soleh, sudahkan mensyukuri nikmat itu..?

Mungkin kalau kita hitung nikmat yang Allah berikan tentulah tidak bisa kita hitung nikmat-Nya..
Namun sudah sejauh mana kita bersyukur atas nikmat-nikmatNya itu…?
Terkadang jiwa kita terguncang hanya karena kehilangan harta…
Terkadang jiwa kita terguncang hanya karena teman kita mendapatkan kesenangan…

Ya memang terkadang kita lupa dengan kenikmatan yang Allah berikan..
Kita lebih sibuk memikirkan yang tidak kita punya..
Kita lebih sibuk memikirkan yang tidak ada..

Marilah kita renungkan apa yang yang ada pada diri, keluarga, pekerjaan, kesehatan dan apa yang tersedia disekeliling kita…
Mudah-mudahan kita tidak termasuk golongan yang mengingkari nikmat yang Allah berikan

“mereka mengetahui nikmat Allah,kemudian mereka mengingkarinya”
(QS:An-Nahl:83)


Cicurug, 11 Oktober 2008